Sajak Sunda " Tutuwuhan "
" Tutuwuhan" Karya : Rahmat M.Sas Karana sumber : pixabay/Hans Tutuwuhan ngawarah kuring Nitah sabar Ka pelak anu dipelak Teu bisa nannyakeun Iraha bakal buahan Tutuwuhan ngawarah kuring Nitah surti Akar nu ngaleyep nyiar kahakanan Teu kadenge rumahuhna Tangkal nu lungse butuh cihujan Teu kadenge jumeritna Daun alum kapanasan Henteu kadenge inghakna Tutuwuha ngawarah kuring Nitah nyaho mulang tarima Ka lemah tempatna matuh Muragkeun dangdaunan Pikeun kasuburan Ka manusa nu melakna Mere bubuahan Geusan nyambung kahirupan Dikutip dari buku kumpulan sajak Surat Panjang ti Cijulang.
Komentar
Posting Komentar